Kumpulan Pantun
30 Contoh Pantun Sunda Lucu Bikin Ngakak, Bisa Dijadikan Bahan Update Status di WA hingga FB
Berikut contoh pantun Sunda lucu yang bikin ngakak, cocok dijadikan sebagai bahan update status di media sosial.
Penulis: Titik Wahyuningsih | Editor: Amiruddin
TRIBUNKALTARA.COM - Berikut contoh pantun Sunda lucu yang bikin ngakak, cocok dijadikan sebagai bahan update status di media sosial.
Tidak hanya dipakai untuk menyampaikan nasihat, kumpulan pantun ternyata bisa digunakan sebagai bahan guyonan.
Seperti pantun Sunda kali ini yang termasuk ke dalam golongan pantun daerah.
Contoh pantun Sunda ini sering dijumpai di tengah masyarakat Jawa Barat.
Seperti kumpulan pantun pada umumnya, pantun Sunda berikut juga terdiri dari empat baris dengan dua sampiran dan sisanya berupa isi.
Yuk simak selengkapnya contoh pantun Sunda yang lucu berikut ini:

Baca juga: Ide Pantun dan Twibbon Ulang Tahun atau Happy Birthday, Bisa jadi Ucapan untuk Teman atau Sahabat
1. Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina nyiru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung meni nambru
2. Ka Bandung kuring ka Bandung
Sukajadi keur marema
Kaduhung kuring kaduhung
Henteu jadi ka manehna
3. Baju hejo dibulao
Kembangna katuncar maur
Seubeuh nenjo ti bareto
Geus gede dikawin batur
4. Aya budak mawa casan
Ngan hanjakal teu dibeli
Aya budak gelis pisan
Ngan hanjakal tara mandi
5. Majar maneh rek ka huma
Ka cai ngajingjing kendi
Majar maneh rek karunya
Lila-lia nganyenyeri
Kumpulan pantun Sunda yang lucu
6. Nendeun siwur luhur sumur
Nunda batok waah gula
Rejeung batur kudu akur
Ulah osok parasea
7. Tolombong ipis salapis
Carangka mah nu biasa
Ngomong Inggris mani tapis
Hanjakal Sunda teu bisa
8. Ulin ka Laut Banda
Naha jadi nalangsa
Kuring teh urang Sunda
Kuring nyaah kana Basa
9. Diluhur aya bandera
Bandera gambar panda
Naha kuring kudu era
Pan ieu teh basa Sunda
10. Aya jalma teu boga banda
Sadayana tos dipasihkeun
Angklung teh ti tatar Sunda
Naha urang bet mopohokeun
Kumpulan pantun Sunda yang lucu
11. Cau Ambon dikorangan
Korangna ka pipir-pipir
Manehna ambon sorangan
Urangna teu mikir-mikir
12. Samping hideung dina bilik
Kumaha nuhurkeunnana
Abdi nineung ka nu balik
Kumha nuturkeunnana
13. Aya jalma teu boga alis
Sabab getol dikerokna
Neng geulis tong gumeulis
Sabab rujit nenjona
14. Arjuna putra pandawa
Dunungan cepot dawala
Itu saha itu saha
Kupat kepot dinu bala
15. Kangkung diasakan ku randa
Ngeunah pisan rasana
Angklung teh asli ti Sunda
Kuring nu bogana
Baca juga: 30 Ide Pantun Selamat Tahun Baru 2024, Cocok Dijadikan Status di FB, IG hingga WhatsApp
Kumpulan pantun Sunda yang lucu
16. Kamari ulin ka Samarinda
Trus nyimpang ka Bima
Kuring mah da urang Sunda
Nyebat ka indung teh ema
17. Poe salasa tumpak kuda
Kuda paninggalan Walanda
Urang mah urang Sunda
Atuh pake basa Sunda
18. Di kebon sato aya panda
Panda ngahakan kangkung
Budayakeun Budaya Sunda
Bilih lapur kawas angklung
19. Hayang ulin ka Gunung Gede
Di Gunung aya bahay
Urang Sunda sing harade
Sing nyaah kana Budaya.
20. Diputer-puter pasekna
Ari pek beunang talina
Diincer-incer lanceukna
Ari pek meunang adina
Kumpulan pantun Sunda yang lucu
21. Rarasaan mani tiris
Beungeut baal teu karasa
Rarasaan jadi artis
Beungeut lestreng teu karasa
22. Poe Saptu poe Kemis
Salasa heuleut-heuleutan
Saha itu muril kumis
Leumpangna eundeuk-eundeukan
23. Kamana ngaitkeun kincir
sakieu panas poena
Kamana ngaitkeun pikir
Sakieu panas hatena
24. Hoyong teuing angen waluh
Angeun waluh di surawangun
Hoyong teuing geura wawuh
Tos wawuh rek di tepungan
25. Cai limun dina papan catur
Buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur
Kudu akur jeung babaturan
Kumpulan pantun Sunda yang lucu
26. Aya huma dekeut Situ
Eta huma nu bogana randa
Naha urang Sunda teh kitu
Alim nyarios ku basa Sunda
27. Aya hiji balon rek bitu
Sabab kagencet ku buhaya
Naha urang Sunda teh kitu
Mopohokeun kana Budaya
28. Salawe dua lima
Mobil sedan cetna hejo
Awewe zaman ayeuna
Bisa dangdan teu bisa ngejo
29. Ulin ka Jalan Juanda
Sawaktos bulan puasa
Mun ngaku urang Sunda
Tong poho kana Basa
30. Aya oplet maju ngidul
Kuring wawuh ka supirna
Diajar teh ulah ngedul
Bisi kaduhung ahirna.
(*)
Jangan Lupa Like Fanpage Facebook TribunKaltara.com
Follow Twitter Tribun Kaltara Redaksi
Follow Instagram tribun_kaltara
TikTok tribunkaltara.com
YouTube Shorts TribunKaltara.com
Subscribes YouTube Tribun Kaltara Official
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.