Kumpulan Pantun
29 Pantun Nasihat Bahasa Sunda, Berisi Petuah Bijak tentang Kehidupan dari Orangtua untuk Anak Muda
Baca kumpulan pantun Sunda berisi nasihat dan petuah bijak berikut, bisa jadi ide bagi para orangtua saat mengajari anak dan cucu tentang kehidupan.
Penulis: Maharani Devitasari | Editor: Sumarsono
7. Liliwetan make dulang,
Disuluhan ku palapah.
Saha wae nu resep tutulung,
Bakal meunang ganjaran ti Allah.
8. Lauk emas ngakan ganggeng,
Disamberan ku japati.
Boga emas moal langgeng,
Teu cara boga pangarti.
9. Ka mana silaturahmi,
Teu hilap nyandak seupaheun.
Jalma nu alus budi pekerti,
Pasti loba nu resepeun.
10. Aya hiji balon rek bitu,
Sabab kagencet ku buhaya.
Naha urang Sunda teh kitu,
Mopohokeun kana budaya.
Baca juga: 35 Pantun Jenaka, Buat Orang Tertawa di Hari Lelucon Internasional dengan Jokes Lucu dan Menghibur
Kumpulan pantun Sunda berisi nasihat
11. Diluhur aya bandera,
Bandera gambar panda.
Naha kuring kudu era,
Pan ieu teh basa Sunda.
12. Aya oplet maju ngidul,
Kuring wawuh ka supirna.
Diajar teh ulah ngedul,
Bisi kaduhung ahirna.
13. Meuli ketan jeung wadahna,
Dipakeu hajat kiparat.
Masing rajinnya ibadah,
Ngalap ganjaran aherat.
14. Cai pinuh dina gelas,
Pindah ka sumur ngan sakeclakeun.
Hirup kudu janten waras,
Ulah saukur neang pipasaeun.
15. Ngala tutut ka talaga,
Dibaturan teh ku sobat.
Eweuh obat nu mujarab,
Iwal ti ngalankeun sholat.
Kumpulan pantun Sunda berisi nasihat
16. Daun salasih ngareluk,
Di seumat ku awi beulah.
Nu asih ka pada makhluk,
Di rahmat ku Gusti Allah.
17. Ka pasar meser ragaji,
Ragajina tinggal dua.
Boga budak pinter ngaji,
Nu reureus pasti kolotna.
18. Mun engke ka Bojong Menje,
Bakal nguriling jalanna.
Mun diajarna talangke,
Bakal kaduhung ahirna.
19. Samping kageutahan dukuh,
Dikelab dikacaikeun.
Nu matak urang sing kukuh,
Papatah guru turutkeun.
Isi komentar sepenuhnya adalah tanggung jawab pengguna dan diatur dalam UU ITE.